fbpx
gunungan cover

Adi & Rifa

"Hapunten kasadayana margi
uleman ieu dihaturkeun dina bentukan digital"

geugeut layeut laki rabi sareng pamugi dianti-anti
nyakseni Walimatul Urusy pun anak :

  • 00Hari
  • 00Jam
  • 00Menit
  • 00Detik

Jum'ah Maret 2023
10 Syaban 1444 H

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Tatandang anu bakal datang, balébat mangsana miang, cunduk waktu nu rahayu niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna, malati ligar na ati, campaka mangkrak na dada, kembang tanjung nu gumulung pameungkeut cangreud kadeudeuh pakait patali asih pasini rintih ngahiji. Seja ngalaksanakeun paréntah Gusti sareng sunnah Nabi

Adi
Rifa

Adi Suryaningrat

Murangkalih ka hiji, ti Bapak. Cecep Rosidin
sareng Ibu Nenden Hendrawati

Rifa Pearly Bintoro

Murangkalih ka dua, ti Bapak. Bibin Bintoro
sareng Ibu Terry Rohayati

Neda nu dipihatur, mugia dina waktosna Bapa/Ibu/Saderek kersa sumping kanggo jajap du’a pamugi ginanjar kawilujengan ginuluran rahmat Alloh, kalayan aya dina karidoan manten-Na.

WALIMAHAN
NGUNDUH MANTU
logo AR

Paduduan

"" Jeung sawareh tina ayat-ayat Na yen Anjeuna ngayugakeun pikeun maraneh ti jinis maraneh jodo-jodo, supaya maraneh ngarasa tentrem jeung maranehna sarta anjeunna ngajadikeun kacinta jeung kanyaah antara maraneh saestuna dina anu karitu
kakandung ayat-ayat
pikeun kaum anu malikir mah.”
( Q.S. Ar-Ruum : 21 )

Harepan

Masihan Salam sinareng Du'a
Pikeun Kadua Panganten

Sakitu nu kapihatur, mugia ulah kirang sihapuntenna bilih kirang tata kirang basa, jembar manah nu diteda, rumaos tuna ku elmu. Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Panganten Sakalih

Adi & Rifa